Selasa, 29 Maret 2011

Moto

Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh


Sampurasun..., Sarta assalamu Alaikum...


Silih asah, silih asih, sarta silih asuh mangrupa adab budaya Sunda. ieu nembongkeun sipat anu has ti budaya adiluhung Sunda keur netelakeun kana jalan hirup kaagamaan.
Silih Asah
Masarakat anu silih asah nyaeta masarakat anu silih ngembangkeun diri keur nambah pangaweuruh luhung ku elmu sarta jembar kupangabisa. Adab silih asah ngalahirkeun ciri sumangetna diri kalayan nyata, hirup ngamasarakat luhung budi pangarti nyaeta mangrupakeun cara keur nyiptakeun sipat berdikari masarakat jadi teu ngandelkeun kapamuntangan, kusabab lamun teu aya adab budi pangarti luhung elmu jembar ku pangabisa sarta sumangetna diri, hiji masarakat bakal muntang salawasna anu ahirna ninggang kana mangsa dihina, ditindes, sareng dijajah. Silih Asah nyaeta mangrupakeun dorongan sumangetna hubungan sasama keur silih ngembangkeun diri kaarah ngawasa sarta ngalahirkeun elmu pangabisa sareng tataan masarakat anu ngabogaan kakuatan ning sajahtra na  masarakat sarta meureunah. Masarakat sunda anu silih asah, ku elmu sarta kupangabisa ahirna teu ngeugeum ka angkuhan , namung jadi ketembong panceg na galur, samalahan ngakuatkeun kana santun sarta tatakrama na (katauhidan).
Silih Asih
Silih asih nyaéta wujud silaturahim sarta hubungan nilai-sosial anu netelakeun basa asih kaasih Pangéran, sarta ngalakonan kaasih Pangéran kalayan asih kaasih ka sesama. Sareng utamina, silih asih mangrupa kakuatan hubungan manusa anu keukeuh peuteukeuh nyekel  kaluhuran budi kapangéranan sarta budi kamanusaan. patuh kapangéran sarta kamanusaan ieu pisan anu ngababarkeun luhungna budi pangarti kasasama jeung sasama dina kahirupan masarakat.
Dina adab masarakat silih asih, manusa silih ngahargaan, euweuh manusa anu beda, sajajar sadayana, kusabab mertentang kapangéran sarta kamanusaan. Ngabedakeun  anu lungguh sareng anu handap mangrupa sifat anu bakal nimbulkeun syirik pidik dina masarakat. Masarakat anu ngadegkeun silih asih nyaeta manusa kabeh sajajar ( rakep dendeng papak sarua), sakabeh manusa.  Ieu ahirna anu janten ngalahirkeun sifat musawarah, gotong royong, sarta sipat adil bijaksana, hiji modal sipat manusa anu luhung budi pangarti anu ngajadikeun masarakat sunda katata, teunterem, sauyunan, sarta  sabilulungan.
Adab silih asih ngaropeahkeun deui hate manusa tina kasongsoleya dirina jadi ka anggkat harkat sareng martabatna anu ahirna manggih kateuntreman di tengah-tengah masarakat. ieu mangrupakeun hiji sumber hirup taratur, gampil lengkah tur ngumpul akur gomplok ngaronyok sareng sasama. Kusabab manusa anu kasongsoleya kumasarakatna jadi teu tentrem ati na, teu meurenah tumaninah pikiranana, tur katalangsara hirupna, anu ahirna janten nimbulkeun tingkahpolah anu teu pantes, anu ngalanggar kana hak sarta tanggung jawab hirupna manusa.
Silih Asuh
Masarakat Anu silih asuh netelakeun kapentingan kumpulan atanapi pribadi kana silih bejaan, silih ngontrol, silih negur, sarta  silih nasehatan. Budaya Silih asuh ieu anu janten nyiptakeun kakuatan diri anu dikembangken kusilih asah sareng silih asih dina masarakat sunda. Kusabab eta, masarakat sunda ahirna jarang pisan ricuh atanapi paciweuh, namung, dina mangsa deungdeungeun aya anu nitik tilik kateuntreumanana, sakabehna bakal ngorejat ngalawan babarengan. Budaya Silih asuh ieu anu mangrupa wujud tingkahpolah gusti anu maha suci anu ngabingbing sarta ngajaga. Ahirna Silih asuh teh hartina kabebasan masarakat sunda tina kabodoan sarta kahindar tina tingkahpolah anu ngalanggar kateuntreuman hirup di lam dunya.
Ahirna harti Silih Asah Silih Asih sarta Silih Asuh, ngajantenkeun modal keur ngahareupan obahna jaman (moderenisasi). Budaya Silih asah silih asih silih asuh nyaeta modal manusa nu bakal ngabalikeun citra diri manusa sarta mager tina katalangsaraan diri, sarta jadi modal kasajatian manusa, kuat tur pertela kana tatakramana diri, ahirna ngajaga kana kasajatian sareng kateuntreuman antar manusa  ti macem-macem golongan, Agama,sarta Suku.

Wasalam

Putra Padjadjaran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar