Senin, 19 September 2011

Duriat Putra Padjadjaran

MAWAR BEUREUM Putra Padjadjaran

Mawar Beureum Wangi Nyambuang Endah Mapaesan Ditaman Ati
Mawar Beureum nu Mawa Bagja gambaran rasa nu teuaya bandinganana

... najan loba kembang anu lian tapi hiji anu nyongcolang,
nu endah ngahias rasa mekar ditaman hate
ngan anjeun Kembang Pujaan

Mawar Beureum kembang katresna Kuring
Mawar Beureum . Deudueh Kuring moal laas
Langgeng abadi nepi ka Jaga

Najan aya Anu Lian, Anjeun Ngan Hiji Nu di picangcam
Loba Anu ngarangrangan kembang Pujaan

Mawar Beureum Nu mawa Bagja

Mawar Beureum Nu neundeun Cinta
Balukar Tarik Micinta Rasa Asihjeung Deudeuh Akang Ka Salira


Mawar Beureum Nu Geulis Vthreea Anggraeni



TAPAK CINTA
Tapak Cinta ngabeuratna rasa
Hese rek ngahiji namung tapakna aya
Deudeuh tetep aya kamanehna
Hese rek narima cinta nu can nyata, da tapakna teu ilahar nu kabuka ku soantenna kamari
imut bangun ngaheureuyana, Teuteupna, Soantena, Kawihna...
... Serina, Baeudna, Pmbekna, Pundunganana, teu weleh kadeudeuleueun na implengan
Cinta moal kapupus mangsa

Na KuNAHA..?
Cinta Kuring Kamanehna..,
Cinta Kuring Ayeuna
Aduh nyai... ieu akang
Sakolebat rerendengan... Pinuh kembang Harepan nyorang jalan kabagjaan
 
 
 
KURING KAHIRUPAN ANJEUN

Naon anu bisa kuring pigawe
Kuring teu nyaho diri kuring sorangan
Kuring lain Kristen, lain Yahudi,
... lain Majusi, lain Islam.
Lain ti Wétan, atawa Kulon.
Lain ti darat, atawa sagara.
Lain ti Asal Alam,
lain ti surga anu muter
Lain ti bumi, cai, hawa, atawa seuneu
Lain ti singgasana, panjara, eksistensi, atawa makhluk
Lain ti India, Cina, Bulgaria, Saqseen;
Lain ti karajaan Iraq, atawa Khurasan;
Lain ti dunya kiwari atawa nu bakal datang
surga atawa naraka;
Lain ti Adam, lain tipamajikanana Adam,
taman Surgawi atawa Firdaus;

Tempat kuring euweuh enggona

lengkah Kuring euweuh tapakna

Boh badan boh jiwa

Sakabehna KAHIRUPAN Anjeun ..!
 
 
 
KaSono Putra Padjadjaran
Sapasang kendang ditepak diwanci genahna balebat
Ngabewarakeun hiji amanat diri nu digerenteskeun kasono ati nu datang nembongan
Mawa pangharepan mekarkeun kembang katresna
... ... Dina jandela rasa Anjeun pasrah dirangkul asmara neutep geugeut imut bangun ngaheureuyan

teu kiat hoyong tepang, teu kiat nahan kasono...
da Anjeun Panineungan

Jalan Asmara lawang kaheman panto katresna ngahudang medalna kasono
dipapaes kembang pangharepan, nu wewed ajeg panceg lir kanyaah halimpuna sora suling nyarengan petik kacapi

Teu nampi ka asih nu meulit jeroning ati
Nyarengan kahirupan anu tentrem sauyunan jeung Anjeun
Nu pinuh kanyaah jeung deudeuh silih rangkulkeun panangan ngahijikeun ati urang duaan

Padungdung tandang Pakalah makalangan

Salam Kendang Pencak ngiringan Kasono Akang ka Anjeun.. Junjunan..!!!
 
 
 
TEU ASA -ASA
Meusmeus nyebut cinta
Meusmeus nyebut nyaah
Lila pisan kuring teu nyebat eta Basa carita harita
Naha nu ieu mah bet beda, dugi ka abdi sumerah diri , teuaya niatan midua cinta
... kawas kila-kila nu ieu mah nu estuna duriat cinta
kembang ros endah teh ngahudang rasa
Ku teusangka horeng bet nyaah ka didinya
na kunaon neundeun asih kadirina
kapikat panah asmara mustika kembang katresna
Nya di gulung kuring tepung
Gandrung biung kapigandrung
Duh hate harewos mawa hariring
Ngagalindang nyanding dina hate Hariring Kuring
Geter asih minuhan rasa katineng, ngarah kulan jadi sugema kaheman
Dina hate kuring anjeun cicing
dina hate anjeun Kuring cicing
Dibeungkeut ku tali dalingding asih
di guratkeun dina rasa TIDITUNA
Di aping dijaring ku Urang Duaan
didagading ku rasa kaheman
Asih Urang di apungkeun ka langit muntang ka mega
Ngalayang..... ngabentang ngahibaran deudeuhna bulan
di esto keun ku Kuring Salamina
dipiguraan di simpen hade-hade
manteng na dina taman hate
Tong asa-asa ah...., bralkeun nu aya jero hate Salira ..!!!
Kanyaah akang ka anjeun menit na mepende gintringna ati
Kaasih akang muka lawangna ati, nginglarkeun kasedih diri





SUMERAP DEMI CINTA

oleh Putra Padjadjaran pada 05 Oktober 2011 jam 5:44
Teuaya kecap nu teu disaluyuan ku gerentes hate AkanG keur anjeun
Pangarti nu ku akang katampi nepi ka danget kiwari
sanaos ngan ukur sacakclak ci mata sarunday kawung, tapi ngadasar kana pedoman nu saesto na
nu kedah dipilampah ku urang nu janten mahluk-NA

Keur saha akang nyarios?
Keur saha akang cumarita?
Keur saha akang medar?
Sanes Keur AkanG ... lain keur Anjeun...
namung Keur Kasaean... Geulis...
Anu sakedahna dilakonan ku urang, Supaos nyorang hirup nampi kabagjaan dunya sinareng Akherat

Geulis...
Anjeun nu teu wasa merenahkeun diri harti hirup sareng papada nu mikanyaah ka Anjeun...
Atawa anjeun nyumputkeun semu narima?
Anjeun nu teacan nyadar kana ijabah pamundut anjeun ka Gusti nu Maha Welas tur Asih
Nu salila ieu ku ajeun penta pituduhna kalayan daria nepi ka Dumareda na soanten anjeun unggal wayah di wanci ngalaksanakeun parentah-NA

Mana kacerdasan neng nu salila ieu karaos ku Akang?
Sawangan pilengkaheun kahareup, Supaos metik asih ngala nyaah, kanyaah salilana nyaah, kabagjaan salawasna bagja, kaasih sapapanjangna asih, nu micinta urang duaan nu geugeut nganteng pageuh nalian dumuk di batin urang...

Geulis...
Panggeuing AkanG aya di anjeun
Panggeuing Anjeun aya di Akang
Panggeuing urang aya di papada urang, nu mikanyaah, nu kersa ngabagi kaheman, kapanjangan Kanyaah sareng kaAsih Gusti nu ditujukeun keur Urang Duaan

Geulis...
Akang percanten ka Anjeun naon anu kedah ditegeskeun




LENGKAH NU MUNGGARAN
Lengkah Urang Munggaran
Namung....
Hoyong Saiuh Payung tepung kagandrung
Na pudunan disaksian hanjuang Beureum
Girimis maheutkeun Deudeuh Paguneman jeroeun dada urang duaan

Ranggeuman Angin Gunung Mageuhan Alam impian
 
 
 
 KATRESNA NU MIMITI NYAMBUANG
Mimiti Kataji Ku dangdosanana
duh... meuni ku kewes pisan dangdosan nu adumanis jeung romantis...
ngabudi manis andalemi

Anjeun... Geulis awak lenjang disinjang payus diteuteup
... sieup imut ngirut ngagelenyu

Enya leres pisan Anjeun mah mawa asri kana Ati Abdi
Anjeun lungguh timpuh komaraan... Narik Ati Abdi nu ningali
Basa jeung tutur Anjeun lantip diri daria Kacida

Anjeun micinta asih diri , Micinta kasundaan
Mugia rasa na ati anjeun Bral estuning Micinta ka Abdi tur abadi
 
 
KAGEGET DIRI
Cobi Taksir... ieu Abdi Jajaka Nu Gandang- Gandang pisan
Sapiraku Si Neng henteu ka Bandang
Da Abdi mah Mun ditilik di Gigir pertentang
Mun Disawang Di Tukang da Mani Heman

... ... ... Cobi Taksir deui... ieu abdi nu Jangkung Lenjang ngabidang
Sapiraku Ku Neng Henteu Kabandang
Da Abdi mah Mun Ditilik Socana da mantak Nyeredet Hate
Mun Kasorot Neon...., Cahyana .. Enyoy-eyoyan

Yu Hayu... Urang Lempang da Rerendengan
Da Abdi mah teuacan Gaduh Tunangan
Ulah gimbir pami Neng ka Abdi da bade Naksir
Ulah rempan mun Neng da Bade Nyawang

Cobi Taksir deui... ieu abdi nu bodas santen
Sapiraku Si Neng Henteu Percanten
Da Abdi mah masih Banter-banter keneh
Ulah rempan... mun Neng jeung Akang Rerendengan
Haturnuhun Neng Geulis Vthreea Anggraeni
 
https://www.facebook.com/photo.php?v=1661051689642&set=vb.1337690669&type=2&theater